Babaturan nu alus nya eta babaturan nu
sok aya di kala urang susah atawa senang. Lain ngan saukur keur senang wungkul
ayana teh. Eta mah lain ge babaturan tapi naon cik? #sok we pikir ku hidep.
Keur inget zaman SMA yeuh neneng rek nyaritanya. Jadi kieu, pertama-tama
marilah kita panjatkan puji dan syukur kehadirat Allah SWT.
#Na
ai maneh dek ngadongeng atawa dek wawaran? Gelo maneh mah.
*Oh
heeh hampura mang :(((
Jadi intinya lo gue end. #Naon tuh deui
ieu sok kalah peperepetan teu puguh.
Keur
zaman SMA baheula boga babaturan teh meuni kuat ka hade pisan. Saraling silih
asah, silih asuh, silih pikaheman. Kuring mah resep boga babaturan jiga kieu
teh, asa pang bagjana di dunia maupun di akhirat muehehehe. Solidaritasna gede
pisan keur mah kuring baheulana anak IPS. Mungkin anak IPS emang kararitu
sigana mahnya tiap sakola. Kuring mah sok merinding ai geus nginget-nginget nu
kieu teh. Kunaon merinding cik? Da kalah sok hayang balik deui jadi anak SMA nu
loba caritaannana. Mantakna yeuh nu ayeuna keur sakola keneh tong di
sia-siakeun mangsa sakolana. Engke mah moal bisa siga kitu deui. Peupeuriheun
ayeuna kuring ge sok kalah kangen kana sagala nu geus di lakukeun sabot SMA.
Sok ayeuna mah isi mangsa SMA na ku ka hadean. Ulah ngan saukur nu bututna
wungkul nu di pilampah teh. Sok deui ayeuna di ajar sing bener-bener, engke mah
bisi hanjakal teu bisa nanaon tina hasil diajar salila tilu taun. Tilu taun teu
meunang elmu nanaon? Ai maneh nanaonan wungkul sakola hah? Ulin? Gagayaan?
Mabal? Tamba kesel? Keur di ajar kalah heureuy?
Ke
atuh mun dek heureuy mah keur istirahat. Ai keur di ajar mah tong kalah kitu.
Maneh geus ngarasa pinter? Regepkeun guru ai emang can bisa mah. Jeung tong
bolos wae atuh maneh teh. Dek naon sih bolos? Bolos ge sok kalah cicing di imah
atawa sok kalah nangkring dimana daek, kuring gen apal nu ieu mah. Yeuh nya
mening keneh sakola. Karunya kolot maneh nu geus ngabiayayan, eta teh duitna
tina ladang naon ladang naon mah. Buruh cape, sirah jadi suku, suku jadi sirah.
Jujumpalikan neangan duit keur maneh sakola. Ai maneh teu ngarti wae? Atawa
bolos soten pedah aya masalah. Masalah naon? Nu ku kuring apal mah nya eta
masalah tentang di nyeri hatekeun ku lalaki atawa awewe atawa emang aya masalah
keluarga. Hey, maneh rek lari tina masalah jeung ninggalkeun kawajiban? Nu kitu
mah lain ge stronggg tapi melempem jiga apem. Ceunah sok nyebut strong ai pas
di hareupkeun kana masalah maneh kalah kabur tina masalah eta. Ceuk kuring mah
da mening sakola mesing aya masalah gen. Soalna urang bisa berbagi jeung
babaturan. Aya tempat dimana urang nuangkeun sagala nu mendekel na otak atawa
hate. Engke ge babaturan bakalan ngadengekeun curhatan maneh. Moal mungkin nu
ngarana babaturan bakalan dek ninggalkeun maneh keur aya dina posisi kawas
kitu. Sabadeur-badeurna babaturan, moal hayang nempo babaturana ngaderita jiga
kitu. Saheunteuna engke ge babaturan bakalan merean masukan keur urang
nyanghareupan masalah pelik eta. Pan jadi plong ai di curhatkeun ka tempat nu
bener mah. Kumaha jadina ayeuna? Hirup teh dek kitu wae moal aya parobahan? Sok
pikirkeun we ayeuna mah sing leres. Tegeskeun ka diri maneh tong hayang di
babawa kaditu kadieu nu tungtungna jadi teu bener.
Aya senyum, tawa nu masih keneh terlintas
di mata kuring saakan akan ieu teh nyata jeung teu binasa. Aranjeun babaturan
kuring nu luar biasa. Daek ngorbankeun sagala kakuatan demi babaturan lain
kabogoh wungkul. Ieu film na otak moal bisa di hapus mesing ku waktu ge bakalan
inget wae nepi ka kolot. Sakapeung sok ngarasa sedih ai teu aya aranjeun teh.
Papisah, pajauh, anggang milampah sosorangan keur nga capai cita-cita. Moal aya
deui nu sok nga heureuyan jiga kuli. Moal aya deui nu sok malakan hayang di
jajanan padahal dina saku ge aya duit eta teh, dengan dalih “Pan ayeuna teh
maneh ulang tahun, mangkana jajanan”. Moal aya deui nu sok gegeblohan teu
puguh, moal, moal aya deui ayeuna mah! Dengg lur, tong paroho ka kuring nu sok
di sapa “Upeh”. Hampuranya lur mun salila masa sakola bilih aya kasalahan boh
tina lisan atanapi kalakuan nu kirang merenah na manah. Sakali deui hapunten.
Karaoslah ayeuna mah pajauh teh rasana kumaha. Sepi, teu aya deui karamaian
jiga baheula mung tiasa di kenang. Kamana-mana sok aabringan babarengan, iraha
deui atuh kitu lur? Kamana atuh cinta :(((
Tidak ada komentar:
Posting Komentar