Minggu, 01 Juni 2014

Barakatak Sunda 2

Helow pendak deui sareng Nengtet di Barakatak Sunda season ka 2 :--))
Maruk make season teh da enya sinetron Nengtet Yang Terbuang tea ning gais :'(((

~Eta mah putri deblo

Geus puguh deblo kalah di jawab, nu ngajawabna leuwih deblo

Para pembaca yang budiman pasti ngawanti-wanti season ka 2 nya?
#Enya weh meh bungah
Mangkana tong katinggaleunnya maca caritana. Baca oge Barakatak Sunda nu season ka 1 na nya. Awas weh mun teu di baca, dek kokosedan di tengah jalan kuring mah. Awas! Dek ngambek!
Kuring mah mun ngambek sok jadi hayang ngaduruk imah parahna teh muehehe, kop siah :| *sambil emot raray terkejut

Next

Yeuh nya gais Nengtet mah nitip, omat jadi jelma mah tong asa aing lur. Asa aing pang payuna, asa aing pang hadena, asa aing pang benerna, jst. Heeh aing aing, jadi paaing aing tungtungna teh *nyere mana nyere :'--((

~keur naon nyere?

~keur nyolok panon maneh dek di jieun cilok

~ih sieun kuring mah...

Duh, Gusti Allah ge nu Maha Sagalana tara kitu, na kunaon umatna aya sebagian nu kitu? Keunlah, ngarana ge hirupnya lur. Hirup mah da sakapeung ngabawa bener sakapeung ge henteu. Tah ieu nu ngarana arus kahirupan teh nu kudu di lawan sakuat tanaga mun teu di tanagaan urang bakalan eleh ku arus kahirupan. Hirup mah da peurih ku berjuangna pangpangna mah, jadi tong memandang sabeulah panon ka batur teh da moal ngarasakeun kumaha berjuangna tiap jalmi teh da beda-beda, leres lur? :')))
Lah kuring mah lamun batur bageur kuring leuwih bageur. Lamun batur jahat kuring mah bet moal dek saruana, keun wae Gusti Allah mah maha uninga ieuh, keun wae Allah nu ngabalesna kuring mah hanya terdiam dan tersenyum saja, itu sudah cukup walaupun sering terinjak bagaikan tai kotok, keun wae aku rapopo ceunah ceuk batur mah muehehe :")))
Mantakna urang kudu bisa mulah milih nu hade jeung nu goreng. Nu goreng mah geus pasti goreng pisang, ngeunah, komo di susu coklatan dan di tambah secangkir teh melati. Beuh ieu mah nikmatna tiada dua :) :*
Lah jadi kana dahareun wae, kena-kena keur lapar *kurubukurubuk jebred
Alah euy jadi mendadak jadi pakar motivasi. Nengtet mah lain Mario Teguh tapi Mario Tegang :D

Tidak ada komentar:

Posting Komentar