Senin, 02 Juni 2014

Gagal? Maju Lagi!



Iya, aku tau ini bukan hal mudah untuk di terima. Bahkan untuk berlapang dada saja rasanya susah, berat. Gagalnya sehari tapi kecewa dan penyesalannya sampai-sampai buat kamu mati?! Ayolah, bergerak dan berlari lagi. Mentari masih menyinari kamu bukan? Bahkan silau dan panasnya bisa membuat kamu bersemangat seperti keadaanmu semula. Hapus segala pikiran negatif yang selama ini mengendap di otakmu bahwa “Tuhan itu tidak adil” “Aku memang tidak berguna, selalu kalah dan selalu gagal dari mereka”. Hei, itu hanya gejolak emosimu yang menutup segala sisi positif dari suatu kegagalan. Allah tau kok segala harapan kamu, aku, mereka. Tapi, mungkin ini belum saatnya untuk mendapatkan apa yang kamu harapkan selama ini, be patient, positif thinking dan tersenyumlah atas kejadian demi kejadian. Tenang, seperti kata pepatah “masih ada jalan menuju roma”. Allah ngasih kegagalan buat kamu bukan karena Dia gak sayang sama kamu. Mungkin, Allah pengen ngeliat kamu lebih berusaha lagi dari sebelumnya yang mungkin kurang maksimal. Dan yang perlu kamu ingat, pas kamu lagi berusaha jangan terlalu menyombongkan dan angkuh belum tentu berusahanya kamu itu nantinya berbuah manis. Inget yah yang ini perlu di catet. Nah, gimana? Sekarang mau uring-uringan lagi?
Aku tau kok gimana rasanya jadi orang gagal, gagal dan gagal. Tapi aku bangga kok, dari kegagalan itu aku dapat hikmahnya, bahkan banyak sekali :). Memang awalnya ngerasa suka kecewa tapi lambat laun jadi suka mikir dan flashback lagi “Mungkin emang akunya aja yang kurang maksimal, entah itu dari sisi mananya biar Allah saja yang mengetahuinya”. Bangkitlah dari kubur kawan #ya elah malah dari kubur#. Kita sama-sama sedang berjuang bukan? Berjuang untuk diri kita, orangtua, bangsa dan negara. Bukankah dari rasa perih suatu saat akan berbuah manis? Berakit-rakit ke hulu berenang-renang ketepian, bersakit-sakit dahulu baru kemudian bersenang-senang. Itulah sepenggal lirik lagu Rhoma Irama yang emang bener harus susah dulu, gak ada yang instan buat mencapai puncak. Entar kalau kamu mencapai puncak dengan cara instan, jatuhnya pasti instan juga, enggak berangsur-angsur. Mulai sekarang tekadkan, bulatkan dan niatkan. Kita ulang dari awal lagi. Anggap saja kita ini sedang bermain game. Kadang menang kadang kalah, kalau kalah jangan langsung putus asa. Coba terusssss, suatu saat juga kamu bakalan jadi The Winner, believe!
Ok kawan, senyum dong jangan cemberut lagi, nanti cantik sama gantengnya malah di gondol kucing. Kucingnya jadi cantik dan ganteng kitanya malah jadi jelek haha :p
Udah yah lupain yang udah-udah. Itu cuman bikin sakiiiiiiiiiiit men ah.
Lo tau kan gimana sakitnya di duain?
#Gue gak tau, coba lu tanyain sama pohon jengkol di depan rumah lo.
*Ini malah ngomongin apa sih, soal perasaan malah di bawa-bawa.

Barakatak Sunda 6



Hapuntennya mun Ulfa nulis carita ngangge Basa Sunda sok rada kasar haha :). Maklum, nami nage kangge bacaeun hiburan. Terserah sih mau resep atawa henteu kana postingan-postingan  tulisan abi. Abi mah mung hoyong nga apresiasikeun pikiran lewat tulisan meh teu sumpek teuing ieu dina otak bisi ngajelegur, beledug, halooowwwwww :O. Tulisan ieu aya nu rekaan, aya nu kisah nyata. Nya terserah, kembali deui kanu maca, bade nilai tulisan-tulisan abi ti sisi mana wae ge. Asal tong ti sisi nu negatifna weh abi mah nya.
Panulis nu lieur da abi mah. Naha bet lieur? Nya da bahasana campur aduk mantak pipusingeun wungkul nu maca, pake Basa Sunda jeung Basa Indonesia. Hapuntennya teu beraturan sareng kamus Bahasa Indonesia atawa Sunda yang baik dan benar. Ieu mah karya sastra tulisan yang bisa di anggap nyimpang tina ajaran muehehe :D. Hapunten sakali deui.
Oh enya, mungkin teu acan seueur panulis siga abi kieu. Nu rada beda tinu sejen. Beda soten eta pedah make Sunda jeung Indonesia. Ieu mungkin bakalan ngawarnai kapenulisan di Indonesia. Caritaannana oge nyangkut tina kahirupan sapopoe. Boh tentang keluarga, babaturan, kabogoh, pamarentah atawa nu sejena.
Antosan weh caritaan nu sejenna nya. Tos ah mung sakitu anu kapihatur, mohon maaf bila ada kesalahan tina cacariosan abi. Wassalamualaikum. Wr. Wb. :)

Barakatak Sunda 5



Dengg euy caritana mah keur di khianati ieu teh, ngarasa sesek dina manah hayang ceurik, tuluy bersandar di bahu batur nu sudieun :”(( #le to the bay. Aku teh tadi nempo mantan keur asik bercanda berdua jeung kabogoh anyarna di hareupeun aku. Atuh meureun wajah aku teh jadi memerah jiga nu di betadinan da pedah cemburu kulantaran can bisa move on. Can move on soten kulantaran masih aya love dina hate ieu, kanyaahna teu bisa leungit begitu saja. Duka rek leungit sabaraha bulan atawa mang taun-taun, teu apal da sing asli nage. Atuh euy pikirkeun, aku teh lagi nyaah-nyaahnya sama dia, eh dia nya malah mutuskeun aku. Sok kalian rek kumaha mun kitu? Pasti nagen kecewa. Sama dengan apa yang aku rasakan sekarang :”((
Di putuskeuna pedah naon cik? Eta pedah memilih si bangkong zuma ketimbang aku nu cantik kieu jiga putri cinderella #nepak tarang. 3 tahun ngajalin hubungan teh ngan ukur sia-sia belaka ai kanyataanana mah kieu ning. Rumaos diri seueur kakirangana. Tapi, bet kunaon meuni sagampang kitu kapincut ku awewe nu can tangtu benerna? Aku mah kurang kumaha coba? Bageur ku bageurna. Ngan enya teu di hargaan pengorbanan selama ieu. Deuh, mirislah. Hati aku teh hancur :”(( tapi untungna teu hancur berkeping-keping da aku teh lain kepingan duit. Apa teu pantes kitu kuring bagja jeung manehna? Loba san nu ngarusak wae.
Awas siahhhhh bangkong zuma, ateul pisan maneh. Ku kuring mah dek di garo da make pacul, ledeh ledeh lah maneh teh.
Kamu tau teu sayang? *sayang manuk. Tiap peuting aku teh suka mikiran kamu. Mikiran mimpi-mimpi kita yang belum terlaksana. Katanya kamu teh bakalan jadi imam yang baik buat aku nanti. Tapiiiiiiiiiiiiiii, ah syudahlah itu mah hanya mimpi yang tertunda dan moal jadi kanyataan ayeuna mah :(. Sok we sing bahagia meskipun aku mah teu bahagia ku kaayaan ieu. Maneh teh udah lupa yank sama semuanya? Ai kamu teh sekarang lagi kapireupeunan? Sok welah sing di sadarkeun sa enggalna mun enya kitu teh. Tingali geura didieu aya aku nu nungguan kamu, meskipun raga lelah tapi hati tetap ingin mencoba :”) #eeeaakks. Aku yang cuman punya kanyaah bisa apa yank? Aku mah eleh lah :(. Eleh heula tuyul engke meunang #tuyul ge kuat ka di babawa
Padahal kita teh udah bagaikan dua sejoli mencari ubur-ubur yank :”). Padahal kita juga udah saling deket sama keluarga, tapi takdir berkehendak sejen. Itu teh nyakitin yank mun hayang apal mah :”). Nempo kamu jeung dia tadi ge jadi ngingetin aku sama kamu dulu. Inget teu yank, baheula mah kita teh suka ledek-ledekan, jambak-jambakan, bunuh-bunuhan #eh enggak deh yang ini mah terlalu sadis. Meuni sok bungah teh kalau udah kayak gitu teh sok bikin betah jiwana. Hirup ge asa beuki hirup. Dunia saakan indah saat kita tertawa bersama, memikul segala beban hirup sama-sama. Nu beurat ge jadi hampang, nu hese ge jadi gampil. Pokokna mah sagala ge babari ai sasarengan mah. Ai ayeuna? Rada beurat nga lengkah ge, teu aya panopang tubuh lelah ieu, teu aya tempat berbagi deui hihi :)))).
Dah, sing bagja jeung nu ayeuna :). Tong hawatos, aku mah didieu baik-baik saja, baik-baik ragana ai hate namah tetep weh cireumbay atuh kangggggggggggggg alah ieung tega teh teuing :”((( ~ai maneh kalahkah nyanyi geuningan

Barakatak Sunda 4



Lamun nempo wae ka alam tukang, maneh bakalan hirup dina kaayaan bimbang. Kaditu kadieu asa beurat rek nga lengkah ge. Batur mah geus jauh, maneh sorangan rek cicing wae di tempat? Hih aku mah ogah ai kitu pok namah. Da hirup ge butuh nu ngarana berjuang. Keun wae ngarasa lelah mah, kege suatu saat meunang hasilna tina ka lelah eta. Yakin! Yen urang teh aya nu ngajaga jeung mika nyaah, nya eta Gusti Allah nu selalu aya dikala suka jeung duka. Mantakna tong nempo wae ka alam tukang. Keun wae ai sasakali mah teu nanaon da kuring ge kitu sarua,  ngan asal ulah remen teuing, da mantak dadas. Kuring gen apal mangsa katukang teh emang loba bagjana. Ngan ka bagjaan eta teh nu sok mantak maneh sedih jeung kanyeri dina manah sok karasa deui. Kanyeri mah lain ku cinta wae! Sok ayeuna mah  pikirkeun sing bener, ulah sok sagawayah, da hirup mah lain keur uulinan wungkul atuuuhhhh. Mangsa ka tukang emang teu bisa di perbaiki mesing rek jujumpalikan sabaraha rebu kali ge, tetep moal bisa, moal! Tapi mangsa kahareup? Insya Allah tiasa di perbaiki asalkan aya niat jeung ngahadeanana. Omat ulah nepika balik deui kawas jiga baheula nya? Nya? Nya? Nitip aku mah, da ngan bisa ngingetkeun wungkul terutama keur diri sorangan oge nu sakieu ayana. Sakieu ge tos uyuhan aku mah, ku Gusti Allah masih di pasihan oksigen keur nafas :”((((. Mun rek uulinan wungkul mah jeung naon atuh hirup? Da hakikat hirup mah keur neangan amal-amalan keur pibekeleun jaga di aherat engke mun maot. Jeung nu saalus-alusna jalma nya eta nu bisa bermanfaat keur batur sarerea. Teungeutkeun tah!!
Oh enya yeuh aya hiji deui dampak negatif mun urang nempo wae ka alam tukang. Pasti aya nu bakalan nyeri hateeun pedah eta. Entah karena mikirkeun wae jalma nu baheula, entah karena sesuatu nu teu saluyu entah nu sejen-sejen deui nu bakal ngaraheutkeun manah batur. Maneh daek kitu? Aku mah mbung mesing di bere duit sajuta atawa sagepok ge. Da aku mah teu hayang nempo jalma nu ku kuring di pikanyaah hatena raheut pedah kitu. Rek ngajaga rarasaana aku mah. Da mana kitu ge kuring pernah ngarasakeun, miris euy kitu teh, mun bisa mah aku teh tuluy nga dahar cengek sakilo bari kokosedan di jalan. Tulang taleng.........eh salah tulung tulung :”(((( #denggg ieu mah kalah curhat mamah dan aa. Geus, nu baheula mah baheula we ulah rek hayang atawa ngusik deui kahirupan batur. Jalani nu aya, tong mikiran jeung tong di pikiran. Moal mantak baleg ai kitu carana mah lur. Ngalengkah, milampah, bismillah pasti bisa jadi leuwih-leuwih hade.
Yuk atuh sasarengan milampah kanu hade meumpeung masih aya waktos keur menerkeun nu teu hade jadi hade.

Ieu tulisan lain ngan ukur tulisan. Tapi bari di pahami jeung save dina otak. ~

Panulis : Ulpa Latipah

Barakatak Sunda 3

Helow gais, wilujeng wayah gini eaaks~. Hampura yeuh tulisana aya nu lemes jeung kasar. Jeung bahasana campur aduk sunda jeung indonesia. Tong di asupkeun kana hatenya gais, kana jantung wae mun bisa mah atawa kana liang irung mih meunang harta karun :|
Ieu mah sifatna menghibur pembaca, jadi kudu di maklumlahnya heuheuh.

Kumaha calageur lur? Geus tong ngagalau wae geuleuh eta beungeut meuni geus kusut kitu kudu di ka londrykeun. Jeung tong apa atuh apa atuh, heeh maneh mah korong garing apal kuring ge :'--((
Ayeuna mah kuring ek nulis make Bahasa Sunda wae ah, kan urang teh kudu ngamumule basa sunda, bener teu? Nya bener atuh *nu ngarti mah*. Bosen make basa Indonesia mah loba nu aralay keneh muehehe :'-((

~Lah kawas nu nulisna teu ngalaman wae alay

Heeh kuring ge pernah ngalaman bareto, kumaha kitu? Emang mantak teu dahar jeung di sada hitut maneh? #BaledogComro

~Heeh atuh hampura, ampun duh, urang mah ngan kukulutus wungkul, tidak bermaksud apa-apa :(((

Lah busiat. *diam dan pergi*

Rek curhat ah, ek di dangukeun moal lur? :(

~Moal ah, bongana teu di suguhan papais.

Kieu nya lur tas UN teh bingung rek kamana. Ka sakola da rek naon, piraku di ajar deui mah da UN nage syudah berlalu, heeh kawas kenangan jeung mantan berlalu :(
Guru nage geus teu puruneun meureun ngajar arurang nage haha. Hulang huleung di imah jeung nu euweuh kagiatan mah. Tapi untung, kuring mah tiap poe ge sibuk sih. Sibuk ngerencanain masa depan bareng kamu, cie :3 *ah lebay *lempar love
Babaturan mah aya nu sibuk nyieunan susuratan keur gawe sementara *kuring oge. Nya lumayan meureunlah keur pemasukan selama sabulan pere. Atuh bayangkeun sabulan pere lur? Mun cicing di imah wae mah jadi papais bulukan sigana, sireum ge geus moal daekeun ngadaharna :|
Kan lumayan ke dutana kangge refreshing saatos pelulusan, yeaaay. Lah teu rame ketang, mun pelulusan teh keteh berpisah jeung babaturan, kan aku syedih gais, ngumbara, ngingkleung sorangan. Kabayang teu? Enya eta ning salakina nyi Iteung dari gua hantu nu malidkeun nangka ka susukan tea gais :(
Tapi teu nanaon sih, kan hirup mah ada pertemuan dan ada perpisahan :""") ceuk mang uho ge. Saha mang uho teh? Eta ning mantana bi dedeh, lanceukna bu lodeh *mongnaon

Sesi curhatna di cekapkeun sakitu wae, hampura bilih aya kalepatan dina basa, ingetnya gais ieu mah kangge hiburan.
Kuringnya mau ke pacilingan dulu, biar lebih cantik gais.

~Emang dek naon meh lebih cantik sagala?

Dek ngising, puas?!

#Byeee

Minggu, 01 Juni 2014

Barakatak Sunda 2

Helow pendak deui sareng Nengtet di Barakatak Sunda season ka 2 :--))
Maruk make season teh da enya sinetron Nengtet Yang Terbuang tea ning gais :'(((

~Eta mah putri deblo

Geus puguh deblo kalah di jawab, nu ngajawabna leuwih deblo

Para pembaca yang budiman pasti ngawanti-wanti season ka 2 nya?
#Enya weh meh bungah
Mangkana tong katinggaleunnya maca caritana. Baca oge Barakatak Sunda nu season ka 1 na nya. Awas weh mun teu di baca, dek kokosedan di tengah jalan kuring mah. Awas! Dek ngambek!
Kuring mah mun ngambek sok jadi hayang ngaduruk imah parahna teh muehehe, kop siah :| *sambil emot raray terkejut

Next

Yeuh nya gais Nengtet mah nitip, omat jadi jelma mah tong asa aing lur. Asa aing pang payuna, asa aing pang hadena, asa aing pang benerna, jst. Heeh aing aing, jadi paaing aing tungtungna teh *nyere mana nyere :'--((

~keur naon nyere?

~keur nyolok panon maneh dek di jieun cilok

~ih sieun kuring mah...

Duh, Gusti Allah ge nu Maha Sagalana tara kitu, na kunaon umatna aya sebagian nu kitu? Keunlah, ngarana ge hirupnya lur. Hirup mah da sakapeung ngabawa bener sakapeung ge henteu. Tah ieu nu ngarana arus kahirupan teh nu kudu di lawan sakuat tanaga mun teu di tanagaan urang bakalan eleh ku arus kahirupan. Hirup mah da peurih ku berjuangna pangpangna mah, jadi tong memandang sabeulah panon ka batur teh da moal ngarasakeun kumaha berjuangna tiap jalmi teh da beda-beda, leres lur? :')))
Lah kuring mah lamun batur bageur kuring leuwih bageur. Lamun batur jahat kuring mah bet moal dek saruana, keun wae Gusti Allah mah maha uninga ieuh, keun wae Allah nu ngabalesna kuring mah hanya terdiam dan tersenyum saja, itu sudah cukup walaupun sering terinjak bagaikan tai kotok, keun wae aku rapopo ceunah ceuk batur mah muehehe :")))
Mantakna urang kudu bisa mulah milih nu hade jeung nu goreng. Nu goreng mah geus pasti goreng pisang, ngeunah, komo di susu coklatan dan di tambah secangkir teh melati. Beuh ieu mah nikmatna tiada dua :) :*
Lah jadi kana dahareun wae, kena-kena keur lapar *kurubukurubuk jebred
Alah euy jadi mendadak jadi pakar motivasi. Nengtet mah lain Mario Teguh tapi Mario Tegang :D

Barakatak Sunda



Babaturan nu alus nya eta babaturan nu sok aya di kala urang susah atawa senang. Lain ngan saukur keur senang wungkul ayana teh. Eta mah lain ge babaturan tapi naon cik? #sok we pikir ku hidep. Keur inget zaman SMA yeuh neneng rek nyaritanya. Jadi kieu, pertama-tama marilah kita panjatkan puji dan syukur kehadirat Allah SWT.
#Na ai maneh dek ngadongeng atawa dek wawaran? Gelo maneh mah.
*Oh heeh hampura mang :(((
Jadi intinya lo gue end. #Naon tuh deui ieu sok kalah peperepetan teu puguh.
Keur zaman SMA baheula boga babaturan teh meuni kuat ka hade pisan. Saraling silih asah, silih asuh, silih pikaheman. Kuring mah resep boga babaturan jiga kieu teh, asa pang bagjana di dunia maupun di akhirat muehehehe. Solidaritasna gede pisan keur mah kuring baheulana anak IPS. Mungkin anak IPS emang kararitu sigana mahnya tiap sakola. Kuring mah sok merinding ai geus nginget-nginget nu kieu teh. Kunaon merinding cik? Da kalah sok hayang balik deui jadi anak SMA nu loba caritaannana. Mantakna yeuh nu ayeuna keur sakola keneh tong di sia-siakeun mangsa sakolana. Engke mah moal bisa siga kitu deui. Peupeuriheun ayeuna kuring ge sok kalah kangen kana sagala nu geus di lakukeun sabot SMA. Sok ayeuna mah isi mangsa SMA na ku ka hadean. Ulah ngan saukur nu bututna wungkul nu di pilampah teh. Sok deui ayeuna di ajar sing bener-bener, engke mah bisi hanjakal teu bisa nanaon tina hasil diajar salila tilu taun. Tilu taun teu meunang elmu nanaon? Ai maneh nanaonan wungkul sakola hah? Ulin? Gagayaan? Mabal? Tamba kesel? Keur di ajar kalah heureuy?
Ke atuh mun dek heureuy mah keur istirahat. Ai keur di ajar mah tong kalah kitu. Maneh geus ngarasa pinter? Regepkeun guru ai emang can bisa mah. Jeung tong bolos wae atuh maneh teh. Dek naon sih bolos? Bolos ge sok kalah cicing di imah atawa sok kalah nangkring dimana daek, kuring gen apal nu ieu mah. Yeuh nya mening keneh sakola. Karunya kolot maneh nu geus ngabiayayan, eta teh duitna tina ladang naon ladang naon mah. Buruh cape, sirah jadi suku, suku jadi sirah. Jujumpalikan neangan duit keur maneh sakola. Ai maneh teu ngarti wae? Atawa bolos soten pedah aya masalah. Masalah naon? Nu ku kuring apal mah nya eta masalah tentang di nyeri hatekeun ku lalaki atawa awewe atawa emang aya masalah keluarga. Hey, maneh rek lari tina masalah jeung ninggalkeun kawajiban? Nu kitu mah lain ge stronggg tapi melempem jiga apem. Ceunah sok nyebut strong ai pas di hareupkeun kana masalah maneh kalah kabur tina masalah eta. Ceuk kuring mah da mening sakola mesing aya masalah gen. Soalna urang bisa berbagi jeung babaturan. Aya tempat dimana urang nuangkeun sagala nu mendekel na otak atawa hate. Engke ge babaturan bakalan ngadengekeun curhatan maneh. Moal mungkin nu ngarana babaturan bakalan dek ninggalkeun maneh keur aya dina posisi kawas kitu. Sabadeur-badeurna babaturan, moal hayang nempo babaturana ngaderita jiga kitu. Saheunteuna engke ge babaturan bakalan merean masukan keur urang nyanghareupan masalah pelik eta. Pan jadi plong ai di curhatkeun ka tempat nu bener mah. Kumaha jadina ayeuna? Hirup teh dek kitu wae moal aya parobahan? Sok pikirkeun we ayeuna mah sing leres. Tegeskeun ka diri maneh tong hayang di babawa kaditu kadieu nu tungtungna jadi teu bener.

Aya senyum, tawa nu masih keneh terlintas di mata kuring saakan akan ieu teh nyata jeung teu binasa. Aranjeun babaturan kuring nu luar biasa. Daek ngorbankeun sagala kakuatan demi babaturan lain kabogoh wungkul. Ieu film na otak moal bisa di hapus mesing ku waktu ge bakalan inget wae nepi ka kolot. Sakapeung sok ngarasa sedih ai teu aya aranjeun teh. Papisah, pajauh, anggang milampah sosorangan keur nga capai cita-cita. Moal aya deui nu sok nga heureuyan jiga kuli. Moal aya deui nu sok malakan hayang di jajanan padahal dina saku ge aya duit eta teh, dengan dalih “Pan ayeuna teh maneh ulang tahun, mangkana jajanan”. Moal aya deui nu sok gegeblohan teu puguh, moal, moal aya deui ayeuna mah! Dengg lur, tong paroho ka kuring nu sok di sapa “Upeh”. Hampuranya lur mun salila masa sakola bilih aya kasalahan boh tina lisan atanapi kalakuan nu kirang merenah na manah. Sakali deui hapunten. Karaoslah ayeuna mah pajauh teh rasana kumaha. Sepi, teu aya deui karamaian jiga baheula mung tiasa di kenang. Kamana-mana sok aabringan babarengan, iraha deui atuh kitu lur? Kamana atuh cinta :(((