Helow gais, wilujeng wayah gini eaaks~. Hampura yeuh tulisana aya nu
lemes jeung kasar. Jeung bahasana campur aduk sunda jeung indonesia.
Tong di asupkeun kana hatenya gais, kana jantung wae mun bisa mah atawa
kana liang irung mih meunang harta karun :|
Ieu mah sifatna menghibur pembaca, jadi kudu di maklumlahnya heuheuh.
Kumaha calageur lur? Geus tong ngagalau wae geuleuh eta beungeut
meuni geus kusut kitu kudu di ka londrykeun. Jeung tong apa atuh apa
atuh, heeh maneh mah korong garing apal kuring ge :'--((
Ayeuna mah kuring ek nulis make Bahasa Sunda wae ah, kan urang teh
kudu ngamumule basa sunda, bener teu? Nya bener atuh *nu ngarti mah*.
Bosen make basa Indonesia mah loba nu aralay keneh muehehe :'-((
~Lah kawas nu nulisna teu ngalaman wae alay
Heeh kuring ge pernah ngalaman bareto, kumaha kitu? Emang mantak teu dahar jeung di sada hitut maneh? #BaledogComro
~Heeh atuh hampura, ampun duh, urang mah ngan kukulutus wungkul, tidak bermaksud apa-apa :(((
Lah busiat. *diam dan pergi*
Rek curhat ah, ek di dangukeun moal lur? :(
~Moal ah, bongana teu di suguhan papais.
Kieu nya lur tas UN teh bingung rek kamana. Ka sakola da rek naon,
piraku di ajar deui mah da UN nage syudah berlalu, heeh kawas kenangan
jeung mantan berlalu :(
Guru nage geus teu puruneun meureun ngajar arurang nage haha. Hulang
huleung di imah jeung nu euweuh kagiatan mah. Tapi untung, kuring mah
tiap poe ge sibuk sih. Sibuk ngerencanain masa depan bareng kamu, cie :3
*ah lebay *lempar love
Babaturan mah aya nu sibuk nyieunan susuratan keur gawe sementara
*kuring oge. Nya lumayan meureunlah keur pemasukan selama sabulan pere.
Atuh bayangkeun sabulan pere lur? Mun cicing di imah wae mah jadi papais
bulukan sigana, sireum ge geus moal daekeun ngadaharna :|
Kan lumayan ke dutana kangge refreshing saatos pelulusan, yeaaay.
Lah teu rame ketang, mun pelulusan teh keteh berpisah jeung babaturan,
kan aku syedih gais, ngumbara, ngingkleung sorangan. Kabayang teu? Enya
eta ning salakina nyi Iteung dari gua hantu nu malidkeun nangka ka
susukan tea gais :(
Tapi teu nanaon sih, kan hirup mah ada pertemuan dan ada perpisahan
:""") ceuk mang uho ge. Saha mang uho teh? Eta ning mantana bi dedeh,
lanceukna bu lodeh *mongnaon
Sesi curhatna di cekapkeun sakitu wae, hampura bilih aya kalepatan dina basa, ingetnya gais ieu mah kangge hiburan.
Kuringnya mau ke pacilingan dulu, biar lebih cantik gais.
~Emang dek naon meh lebih cantik sagala?
Dek ngising, puas?!
#Byeee
Tidak ada komentar:
Posting Komentar